Kamis, 25 September 2014

RANGDA ANU DIGIGIREUN IMAH TEH KAMANA NYA?

Basa poe kemis bareto kuring ningali lembur, euweuh robahna pisan lembur teh. Tangkal peuteuy di sisi ragasi masih aya, kuburan di sabeulah wetan masih keneh satilu-tiluna, da emang eta mah kuburan kulawargana Kang Hedi sabondoroyotna, berarti salila opat taun ku kuring ditinggalkeun ieu lembur teh, kulawargakang Hedi euweuh nu maot di lembur. Basa kuring leutik ieu lembur teh terkenal pisan resep tawuran jeung lain lembur, tara eleh tawuranna teh, ceunah mah ceuk batur, lembur kuring mah jelemana sarakti teu neurak dikadek makana sarieuneun lamun rek urusan jeung lembur kuring mah. Padahal mah lain sarakti eta teh, ngan jelemana emang waranian, jeungna deui aya nu nyieun gossip lamun lembur kuring teh jalmana teu pada neurak dikadek, ameh pada ngeper ceunah. Lucupisan. Lembur kuring baheula terkenal pisan pangasilan pertanianna, sawahna lega.Disebutna oge ‘LumbungPadi’ na Jawa Barat, komo basa jamanna Presiden Suharto mah, lembur kuring the bener-bener kawas surga, beas murah, pagawean loba, lembur aman, tempat maen bola aya dimana-mana, pan taneuh lowong loba, jadi maen bola di taneuh lowong wae geus lumayan ramena, pan barudak oge resep cicing di lembur teu daek kamana-kamana, komo nepi ngarantau kaluarnegri mah teu kapikiran pisan. Rek naon jauh-jauh neangan duit, dilembur sorangan oge moal kakurangan pisan. Teu nyaho kuring oge, kunaon pas geus presidenna ganti, robah kabeh sagala rupana, lembur kuring ayeuna teu aman, teu makmur, teu ngeunah dicicinganna, beas mahal, pagawean susah, tempat maen bolana ngan aya hiji nu digigireun kuburan hareupeun sakolaan SMP PGRI, ayena mah barudakna oge areuweuh, loba nu neangan gawe jauh ka Jakarta atawa kaluarnegri, lamun teu Taiwan nya ka Malaysia atawa Hongkong. Cicing di lembur sakeudeung wae rarasaan the teu betah pisan. Sabenerna mah ngan hiji alesan kuring haying ningali lembur teh, pas opat taun kuring ninggalkeun lembur, nya eta rangda ngora nu gigireun imah Beulah katuhu, nu geulis, denok demplon ayeuna kamana nya? Neng Eti deuh, euweuh nu nyahoeun kamana mangkatna eta nu geulis teh geuning. Bari ngahuleng, kuring ngadoa, ‘Duh Gusti Nu Agung, pasihan kamakmuran kanggo lembur kuring sareng lembur-lembur nu lianna, pasihan kaamanan, pasihan pamingpin anu tiasa nyejahterakeun bangsa sareng nagara kuring nu tos katingal ripuh tina sagala widang kahirupan ieu, sareng mugi Gusti tepangkeun abdi sareng rangda, neng Eti nu denok, demplon dimana wae’ Aamiin.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar